Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Selasa, 15 Mei 2012

USEP ROMLI


Kantos Dimuat dina Majalah “Mangle” bl.April 2012




“Hal Turid ?”
Karasa ku Sudinta, nyorang kahirupan teh beuki dieu beurat. Dagang olok modal, ka dituna nyanyandang hutang. Leuheung lamun nu nagih leuleuy jeung pengertian. Aya tinimbangan. Ieu ari geus teureugeus. Teu nyaho euweuh, keukeuh peupeuleukeuk. Komo eta ari geus mamawa “debt collector”.Tukang nagih nu barangasan. Baketut haseum. Sakalina nyarita, hohoak sesentak.
Ongkoh dagang the rea saengan. Jeung papada tukang dagang. Jeung toko supermarket. Jeung patugas Satpol PP. Ah, kitu lain kieu lain.
Ari tani, estuning kari daki. Jaba lahan geus beak apan diganti ku pabrik, kantor, perumahan, restoran. Euweuh keur tempat tatanen. Euweuh keur nengah mertelu kawas bareto.
Dina ayana ge, bisa keneh pepelakan, geus barobah sagalana. Binih kudu meuli. Gemuk kudu meuli. Tempo panen, harga ngagejret. Bororaah bati. Jinis ge kabawa ledis.
Ngabeca ka kota, geus lain wayah. Beak tanaga.Bari jeung muatan beuki dieu beuki suwung. Manasina jaman beh ditu. Keur tacan aya angkot. Tacan rea motor. Tacan aya watesan kawasan bebas beca.
Hual-hiul tambuh laku. Nganggur tea, geus aya kana taunna. Teu boga pangala enya-enya. Ukur tamba wungkul. Bubuhan percaya ka nu ngarijkian. Ka Gusti Alloh Nu Maha Maparin. Apan tong boro jelema, uteuk tongo walang taga geus aya ancoanana. Nepi ka bisa hirup.
Tapi angger we marudah. Ras ka anak. Ngabadagan. Harayang sakola. Harayang kuliah. Uh, ti mana waragadna ? Harayang digawe. Ih geuning angger kudu aya duit. Ti mimiti keur motokopi angkas-ongkos, nepi ka sagak-sogok. Da cenah geuning, asup gawe ge ayeuna mah kudu kikituan. Naha rek jadi PNS, rek jadi pagawe pabrik, angger kudu ngamplopan juta-juta.
Kungsi boga pikiran, rek nempuh jalan teu puguh. Bangsaning munjung, nyegik, ngipri, ngepet, ngingu tuyul, jeung sabangsana. Aya nu ngabejaan asal daek nyumponan sarat-saratna, ke dituduhkeun tempatna jeung ka saha ngumahana.
“Naon sarat-saratna?”Sudinta semu panasaran.
“Gumantung naon nu dipuhit. Lamun nyegik, muhit bagong. Unggal peuting kudu jadi bagong. Asruk-asrukan neangan cacing sarea-reana. Tah cacing beubeunangan, eta nu bakal jadi duit. Munjung ka bangsaning buta hejo. Ngipri, muja ka oray, ngepet ka monyet, ngingu kecit kudu ngalayanan kecit. Kabeh ge aya ongkos jeung risikona. Beurat kacida. Tapi hawa napsu nu ngunung-ngunung nganggap enteng we sagala nu kudu ditempuh teh. Sarat-sarat sejenna, memeh prak kudu nganyatakeun heula murtad tina ageman urang. Teu percaya deui ka Alloh SWT sembaheun saestuna, sabab rek sumembah ka nu sejen. Ka mahluk nu dipuhit tea. Sakalian ingkar tina ngaku karosulan Kangjeng Nabi Muhammad Saw, sabab rek ninggalkeun Sunnahna. Ancrub kana dunya syaitoniyah.”
“Astagfirullohal adzim, “Sudinta istigfar. Terus morobot maca tahlil jeung solawat. “Kumaha mun keur kitu urang paeh?”
“Nya paeh kapir we, paeh murtad. Maturan nu disembah ku urang langgeng dina seuneu naraka,”jawab baturna.
“A’udzubillahi minasy sayitonnirrojim…”Sudinta ta’udz bari bibirigidigan. “Kajeun hirup sangsara balangsak, batan kikituan mah. Kuat keneh teu dahar saminggu, batan kudu kokojayan dina godogan timah naraka !”
“Barina ge,”babaturanana nyengir. “Najan aya keneh nu maksakeun, beuki dieu beuki hese nedunan saratna. Kawas nu nyegik jadi bagong, neangan cacing. Keur mah geus raang ku lampu listrik, tempat cacingna ge geus langka. Manasina bareto di pilemburan poek meredong. Rea keneh saung lisung, sawah lendo, katut rurungkunan, tempat nyayang cacing. Ayeuna mah mana? Da percumah atuh ukur meunang cacing sapuluh dua pulu siki. Mun hiji cacing sahargaeun sarebu, meureun ukur sapuluh atawa dua puluh rebu. Jauh pisan ka kurup. Mending keneh nyaloan we di pangetemen angkot….”
Ngan basa aya nu ngabejaan, yen aya elmu nu bisa dialap pikeun manggih kabeungharan, Sudinta ngadadak kataji. Terus nyeleksek. Teu burung kapanggih. Nu sok ngawiridkeun elmu kitu teh hiji ajengan di kota A.
Sawatara poe ti harita, ngahaja indit ka dinya, sakumaha panuduhan nu ngabejaan. Naek beus nepi ka terminal. Disambung ku angkot. Eureun di parapatan jalan leutik. Clak kana ojeg. Teu hese kapanggih da tukang ojeg geus arapaleun barang disebutkeun ngaran ajengan. Kawasna, geus ngalanggan kadatangan ku urang suklak-sikluk.
Geus dimanggakeun, ditanya saha jeung ti mana, saur ajengan :
“Mangga atuh wudlu heula. Di ditu we di kamar pengker.”
Dodongkoan Sudinta asup ka kamar tempat wudlu nu ngahiji jeung mushola. Mani asa tartib, husu jeung lila wuduna the.Bubuhan rek diwirid elmu meureun.
Geus kitu mah, prak ajengan medar naon nu kudu dipigawe ku Sudinta.
“Tah ieu aos, unggal tengah wengi. Saratus dua puluh rebu kali. Sabaraha kali we kiatna sawengi. Mun sarebu, panginten saratus dua puluh wengieun, atawa opat bulan. Salami ngawirid kudu puasa Senen-Kemis ulah kaliwat. Kedah puasa tilu dinten deuih, keur mangsa caang bulan tanggal 13-14-15. Nu disebat puasa “bith” atawa puasa “bodas”. Ku kolot kapungkur mah disebatna “mutih”. Tapi buka mah biasa bae, teu kedah cai herang atawa sangu wungkul. Nu penting, ulah kaliwat tengah wengi…..sakuatna ngawiridkeun ieu kalimah. Mun tos tamat, tur cumpon sarat, dina wengi panungtung bakal datang khodam ieu kalimah. Mangrupa jin ti alam ahjar.Alam hideung. Ngan duka kumaha dina datangna teh. Naha mere barang, atawa mere pituduh. Ka unggal jalma beda-beda. Sok didu’akeun sing tinekanan…..”Mama Ajengan ngusap embun-embunan Sudinta, terus ranggah ngadu’a. Sudinta milu ranggah jeung ngucapkeun “amin, amin,amin” sababaraha kali.
Teu hese sakitu mah, cek pikir Sudinta nu memang geus mindeng nyaring peuting.
Ti peuting eta keneh, deker ngamimitian. Ngahaja, goah leutik paranti nunda padaringan, diberesihan. Diamparan samak anyar. Diamparan sajadah paranti sapopoe salat. Malah ngadadak dipasangan panto triplek, ambeh taya larbus ka goah nu ayeuna geus jadi tempat tirakat.
Unggal peuting menekung. Ti teng pukul 12.00 tengah peuting, nepi adan subuh teh ukur mampuh maca sarebu kali. Kadangkala kurang. Tapi terus dikeureuyeuh, lantaran keying haying ningkat kaayaan. Jeung nu digarap lain perkara nyimpan tina akidah, kawas munjung. Ieu mah maca wirid keur ngondang khodam Jin ti alam hideung.
Panceg opat bulan. Wiridan jejeg dibaca saratus dua puluh lima rebu kali.Puasa ge lulus bangles, boh Senen Kemis, boh puasa purnama. Peuting ieu Sudinta nganti-nganti nu rek dating mawa bagja.
Alarm beker jam 12.00 geus disada. Sudinta geus menekung di goah. Suasana jempling sepi. Angin taya nebak. Sasatoan bangsaning gang, jangkrik, cihcir, caricangkas, taya nu disada. Dalah embe nu sok beberelean lapar ge teu kecet-kecet.
Teu lila, riyeg imah panggung Sudinta nu geus meujeuhna direhab, inggeung. Riyeg, riyeg, riyeg. Paralak, pre, kenteng pareupeus. Teuing sabaraha hiji. Ujug-ujug, bleg hareupeun Sudinta aya nu jiga dreum. Hideung lestreng. Buluna jabrig saudug-udug. Disidik-sidik the, horeng bitis. Teuing lebah mana pingpingna jeung dampal sukuna.
Sorana ngageleger handaruan, kawas guludug. Jentre kadenge ku Sudinta :
“Hal turid?” cek eta mahluk ku basa Arab.
Puguh bae Sudinta melengek. Ti mana manehna bisa basa Arab. Komo nyarita. Maca ge ngatog. Ma’lum teu kungsi tamat Quran, da keur budak ngedul ngaji. Kabawakeun ku resep ulin teu puguh.
“Hal turid?”sakali deui sora handaruan nanya.
Meureun lantaran teu dijawab wae, mahluk nu bitisna sagede dreum rabig buluan teh indit teu ngusap birit. Ukur ninggalkeun inggeung jeung kenteng pru-pre deui.
Nepi ka ray beurang Suhadma teu cengkat ti goah. Reuwas jeung arep-arepeun. Naon nu dibikeun ku eta mahluk minangka buruh maca wirid saratus dua puluh lima rebu salila opat bulan jeung hental-hentel puasa? Euweuh nanaon. Dikotektak dikorehan sagala dikebingkeun, teu, teu aya nanaon. Iwal ti bubuk kenteng balatak di pipir.
Kabawa heran jeung panasaran, uclak-eclok ongkos, kencling ka tempat ajengan. Barang gok, barabat dicaritakeun sagala nu kaalaman tadi peuting.
“Astagfirulloh,”ajengan ngusap beungeut. “Hampura Mama teu ngabejaan, yen eta jin teh geuning nyarita ku basa Arab. Biasana mah ku basa nu sok kahartieun ku nu dianjanganana. Eta jin nyarita “hal turid”, hartina “anjeun hayang naon”. Aduuuh, mun salira tiasa basa Arab mah, enggal dijawab “Uridu fulus katsiron”. Abdi hayang artos seueur, kituh…. Ahh lapur nya.”
“Kumaha atuh abdi, Mama???”Sudinta ngarasa handeueul pisan.
“Nya cobaan deui….ngawiridkeunieu kalimah…sugan sarebu kali ge cukup…”Mama Ajengan ngasongkeun cewiran kertas. Dieusi kalimah nu kudu diwiridkeun deui ku Sudinta. Cukup sarebu kali.
Peutingna gancang dicobaan deui. Enya we, barang jejeg sarebu, barang jleg aya nu dating. Sarua sagede dreum. Sarua buluan jabrig. Sarua nginggeungkeun imah jeung maralakkeun kenteng. Ayeuna mah ngomongna ku basa Indonesia, bari ngasongkeun bungkusan leutik mani antel kana irung Sudinta.
“Ini untuk Anda !”sora eta mahluk handaruan. Imah inggeung deui. Kenteng maralak deui. Les, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Kari bungkusan leutik dikeukeuweuk ku Sudinta nu lila ngahuleng nagaraga meneng. Manehna heran, naha jin bet mere barang bari nyarita “ini untuk Anda…”
Lantaran Sudinta jujur, polos, tara curaling, subuhkeneh, kencling ka mah Anda, nu ukur kahalangan ku sua suhunan. Nu dituju, karek hudang. Lulungu keneh.
“Aya naon, Mang Dinta ?” waw Anda heuay. Simbut dikuyungkungkeun. Kolor ngaleled.
“Ieu aya titipan keur maneh,”Sudinta ngasongkeun bungkusan leutik bari ngabalieur. Era parade nenjo nu nolol olotod tina sesala kolor.
Nepi ka danget ieu, Sudinta masih keneh . Nganggur. Pangala suda. Tapi tara humandeuar. Malah terus giat usaha, boh lahir boh batin keur ningkatkeun kaayaan hirup. Teu hayang nanyakeun ka Anda naon eusi bungkusan ti jin teh. Kitu deui teu hayang nanyakeun ti mana Anda boga duit keur ngalusan imah, tina panggung kana duduk jandela, terus boga roda dorong keur dagang goyobod . Pamajikanana oge boga roda dorong keur dagang gurang-goreng bangsaning gehu, bala-bala, cireng, comro, jeung sabangsana nu kajojo ku salelembur.***


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga, bilih aya nu badé komén: