Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Senin, 14 Mei 2012

Carita Jurig Dina Basa Sunda

    • Nyarita ngeunaan jurig sarta sabangsana, urang moal ngarasa deungeun, sabab budaya supranatural teh sumebar dimana mana di sakumna dunya ieu. Kitu oge di budaya urang sakabéh, khususna nu tumuwuh dina budaya Sunda, di mana jurig atawa ayana mahluk supranatural sacara non formal mangaboga bagian anu gede dina kahirupan urang.                                                                                               Kapercayaan supranatural teh geus aya ti saprak jaman               prasejarah, Para karuhun urang baheula percaya yén aya mahluk spiritual anu ngabalukarkeun kajadian kajadian nu hebat-hebat boh nu efekna positif atawa negatif kana kahirupan para karuhun teh. Alatan éta, maranéhanana ngamekarkeun rasa sieun nu tangtu ka makhluk ghaib pikeun nyingkahan murka maranéhanana.Rasa sieun éta saterusna ngembang jadi kapercayaan tradisional di mana hadirna makhluk gaib teh henteu bisa henteu jadi bagian penting di praktek kahirupan. Misalna saha nu teu kenal istilah : “Hayoh arasup barudak, geus magrib, bisi engke disumputkeun ku Kelong wewe! “. Boh sadar boh henteu sajatina kepercayaan ka para mahluk Goib éta nyatana tetep dilestarikeun dina budaya Sunda ku urang sadaya, tah ayana Website www.cjdbs.webs.com jeunghttp://www.facebook.com/groups/CJDBS/ teh bisa dianggap jadi salah sahiji upaya non formal keur urang sakabeh keur ngumpulkeun dongeng dongeng nu bakal ngingetkeun urang yen kajeun ayeuna urang aya di Jaman Modern oge, budaya Supranatural Sunda karuhun teh geuning masih kentel nempel di diri urang sakabeh, Kasarna Khasanah Budaya Sunda teh tetep bakal kalestarikeun kajeun ngan ku ukur dongeng Jurig. 
      Akhirul kata, Sumangga urang sadaya saling silih ngajungjurigan di Website ieu!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga, bilih aya nu badé komén: