Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Senin, 14 Mei 2012

Eman Rais

Inget bareto keur SMP 1959 abah mah, kapan dijembatan Ciporeat aya panser TNI. Anu kacebur kana longkrang deet beh handapeun imah kabogoh. Cenah mah dua tangtara maraot sapada harita. Ngan eta tea cenah mah unggal peuting ngaririwaan. Malah kilanceuk anu borangan mah, sok menta dipapag lamun arek balik peuting ka Cisurupan. Weh, nyaritakeun perkara jurig jeung sabangsana, tibareto matak euweuh beakna. Kapan bagian tina kabudayaan agraris Pasundan.

Ayeuna mah kari urang arek kumaha nyanghareupanana, kana eta fenomena sosial. Lamun abah mah tibaretona oge ngala senangna weh, ngala hasil tianu borangan. Siga dina hiji peuting panggih jeung batur sakola, keur balanja ditoko Fatimah Ujung Berung. Kitu rek balik ngarasa sieuneun kujurig. Antukna menta tulung dibaturan. Kuabah heueuhkeun tapi aya syaratna. Nyaeta daek jadi kabogoh uing. Ngeunah lah.

Makana para saderek, paramiarsa lapak Carita Jurig Dina Basa Sunda. Sabenerna jurig tea euweuh dina kanyataan, tapi jadi mangkeluk dina rarasaan. Eta mah kuma kaayaan jiwa urang wae. Sanajan cak elmu pangatahuan Barat majarkeun aya, tapi kapan euweuh jurig beurang. Kapan awakna teu jiga mahluk nyata tina plasma, tapi tina ekto-plasma. Anu ngacay lamun katinggang sorot panonpoe. Jadi ulah matak sarieun, heug baraca Carita Jurig Dina Basa Sunda. Kapan make basa Sunda ieuh
.

1 komentar:

  1. Wew nuhun jadi matak loba baraya ngeblog yeuh. Hatur uninga blog abah Eman, manawi mangpaat. http://basasundagarihal.blogspot.com/

    BalasHapus

Sumangga, bilih aya nu badé komén: