Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Selasa, 15 Mei 2012

Tatang Sumarsono


Tatang Sumarsono                                                                          

Pikeun urang Sunda, dongéng perkara jurig lain hal nu anéh. Lebah didongéngkeunana deui, bisa jadi ukur keur panglipur, atawa aya maksud nyingsieunan nu borangan. Mun ayeuna aya lapak anu midangkeun carita ngeunaan jurig, jih nya alus waé. Tangtu aya guna anu sipatna dokuméntatif.

Bakal aya anu béda, antara dongéng jurig nu didongéngkeun deui (sacara lisan) jeung anu disusun wangun tulisan. Dongéng jurig anu ditepikeun sacara lisan, pikeun anu ngabandunganana bakal karasa témbrés, sabab dibarung ku unsur intonasi, témpo nyarita, jeung éksprési. Dongéng anu teu ramé, atawa nu teu pikasieuneun gé, bakal béda kesanna lamun didongéngkeunana ku nu bisa mah. Bawirasa sarua anu dipidangkeun wangun tulisan ogé, bakal gumantung kana katapis anu nulisna, di sagigireun unsur téma atawa eusina.
Nulis carita jurig, mun enya-enya hayang “karasa jurigna” ku anu maca, tangtu waé butuh katapis dina nyusun ungkara jeung ngatur plot. Lamun ukur jiga nulis pangalaman sapopoé anu ilahar mah, karasana taya megna atawa ngeplos; kawas anu mindeng kapanggih dina ieu lapak. Mémang kaharti, da jigana tujuanana gé utamana ukur ngadokuméntasikeun. Jadi teu anéh mun ditulis sahayuna ogé.  

Ku bisana ngatur plot, carita jurig anu geus ilahar gé bakal karasa matak keueung. Jiga lalajo filem mumi. Apan karék ku nénjo kaén bodas ngagulusur gé, anu lalajo geus nahan napas, padahal mumina mah tacan némbongan.

Cindekna, teu sagawayah nyieun carita jurig téh, tapi butuh katapis anu pinunjul. Kitu sotéh mun urang hayang nyieun carita anu “ayaan”, lain ukur pangalaman para mitra.

Nulis carita jurig, mun enya-enya hayang “karasa jurigna” ku anu maca, tangtu waé butuh katapis dina nyusun ungkara jeung ngatur plot. Lamun ukur jiga nulis pangalaman sapopoé anu ilahar mah, karasana taya megna atawa ngeplos; kawas anu mindeng kapanggih dina ieu lapak. Mémang kaharti, da jigana tujuanana gé utamana ukur ngadokuméntasikeun. Jadi teu anéh mun ditulis sahayuna ogé.

Ku bisana ngatur plot, carita jurig anu geus ilahar gé bakal karasa matak keueung. Jiga lalajo filem mumi. Apan karék ku nénjo kaén bodas ngagulusur gé, anu lalajo geus nahan napas, padahal mumina mah tacan némbongan.Cindekna, teu sagawayah nyieun carita jurig téh, tapi butuh katapis anu pinunjul. Kitu sotéh mun urang hayang nyieun carita anu “ayaan”, lain ukur pangalaman para mitra.

1 komentar:

  1. Find a Casino in Vegas, NV - Dr.MCD
    Located in Las Vegas, Nevada, 순천 출장안마 this casino is steps from The 수원 출장샵 Cosmopolitan of Las Vegas and is close to many other 강원도 출장마사지 Las 인천광역 출장샵 Vegas 광양 출장샵 properties. The casino

    BalasHapus

Sumangga, bilih aya nu badé komén: