Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Selasa, 15 Mei 2012

Tatang Sumarsono



Punten ngaheurinan. Ieu mah itung-itungbabandingan waé. Mun dianggap lepat, ieu postingan mangga waé di-remove kuadmin:....
Lantéra anu dijingjing ku Aki Jaya katémbong semu guwang-gawing. Sacaangna gé seuneu dina lantéra, henteu ngimbangan mongkléngna peuting, lantaran di langit palias teu témbong bulan—Ajo teu apaleun kana pananggalan Hijriyah anu patali jeung caang-poékna bulan.
Dédéngéan deuih anu mimiti ngahudang kasebér téh. Sora nu kuak-kueuk asa jéntré pisan kapirengna. Tah, tina tangkal luhureun gawir sumber sorana téh. Rada jauh ti dinya aya anu kokoréakan, patémbalan jeung sora: ciak, ciak, ciak ....
Kunti kitu éta téh? Tah geuning kadéngéna ciciakan kawas anak hayam, cék dina haténa, bari bulu pundukna mah geus miheulaan carengkat. Kumaha mun heueuh kunti? Enya, apan ayeuna téh malem Jumaah. Cék béja, nya dina malem Jumaah pisan, jurig resepeun liarna téh. Kaciptana téh hég ucang-ucang dina dahan anu nyolodor; buukna ngarumbay nutupan tonggong anu, cenah, bolong-gerewong. Remen ngadéngé ari perkara kunti mah, tina dongéng dina radio. Cacak ukur dongéngna tina radio, sakitu geus matak keueung, komo deui mun langsung nénjo jirimna di tempat anu sakieu hara-haraeunana; moal bisa ngaberengbeng lumpat da puguh henteu katénjo tincakeun.
Mimiti Ajo ngarasa miris jeung hemar-hemir, ngan waé manéhna maksakeun neger-neger diri sorangan. Apan kunti mah cék dongéng ogé resepeunana téh ulin di cai, cék dina haténa deui, itung-itung ngupahan manéh ngarah jadi teger. Jeung piraku aya kunti, apan meureun ku Aki Jaya gé geus disinglar-diparancahan: jurig nyiluwuri katut sétan mindarupa mangka nyingkah masing jauh.
Bras waé ka sisi walungan. Ari geus di sisi cai mah meueusan rada caang. Tuh geuning di tengah walungan téh aya anu tingjungkiring, pantesna téh batu. Cai kadéngé ngérécék ti lebah anu déétna mah—Ajo teu apaleun yén walungan palebah anu déétna téh disebutna babantar. Ciciptan ayana kunti ngolébat deui, da pantesna ngoyokna téh di walungan; cenah mun kagareuwahkeun sok terus ngageleber—nyao jadi entog, nyao manuk gedé nanahaon, saluhureun heulang ruyuk anu manéhna kungsi ngukut.
Ieu kitu Ciguludug téh, cék Ajo dina haténa. Jeung naha bet dingaranan kitu?
Ari sugan téh geus tepi ka nu dijugjug, singhoréng kudu rada ka hilir kénéh, mapay-mapay sisi walungan. Gok waé ka lebah leuwi anu ngajumbleng; bangunna téh jero, da caina teu katémbong palid. Siak karasa geueuman. Di sisi peuntas ditu, dina lebah biwir gawirna anu canéom, aya tangkal anu dahanna ngaroyom kana luhureun beungeut cai. Teuing caringin, teuing kiara; Ajo teu bisaeun ngabédakeun, da puguh ukur katangen belegbegna.
Pantesna ieu leuwi téh jadi panonoban buhaya. Enya, apan cék dongéng gé buhaya mah betaheunana dina leuwi. Tambah deui anu pikasieuneun téh, bari anu ti heula gé tacan ilang-ilang tina ciciptan.
Najan hawa peuting geus mimiti karasa turun, tapi baju anu dipaké ku Ajo mah cipruk ku késang. Yakin lain perbawa nyongkabna hawa, tapi lantaran keur kalimpudan ku rupa-rupa kasieun ku anu teu puguh juntrungna, anu saenyana mah ukur diréka-réka ku dirina sorangan.
Leumpang téh mapay-mapay birit leuwi anu rada gurawés, saméméh anjog ka lebah padataran rada lega. Disebut padataran sotéh duméh henteu nangtawing, najan ari ka sisi luarna mah bala ku eurih.
Aki Jaya ngarandeg.
“Tungguan waé di dieu, Jang,” pokna, bari ngalieuk ka Ajo anu ngajanteng tukangeunana. “Wayahna kudu nyorangan, da teu kaci dibaturan.”
Nénjo beungeut leuwi anu sakitu geueumanana, saenyana Ajo hayang balaka nyebut teu sanggup; komo mun bari taya anu ngabaturan. Ngan untungna téh rada kaupahan; Aki Jaya neruskeun omonganana:
“Moal nanaon, da. Anu ka Ujang engké bakal némbongan téh karuhun, lain sasaha. Tungguan waé, sugan peuting ieu diparengkeun nepungan Ujang.”
Karuhun? Naha naon wujudna? Tapi, pan aing téh manusa, Aki Jaya manusa deuih. Atuh meureun karuhunna ogé kudu manusa deui. Tapi, naha bakal kumaha rurupaanana, naha pikayungyuneun, atawa malah pikasieuneun, Ajo teu meunang katrangan. Perkara éta ogé banget hayang ditanyakeun, tapi hésé rék pokna.
Aki Jaya gegerenceman hareupeun beungeut walungan, teuing naon anu keur diparancahkeunana mah, da teu jéntré. Geus kitu terus nyarita deui ka Ajo:
“Jigana mah karuhun bakal kersaeun. Alus milik, Jang,” ngarénghap heula. “Tah engké, di mana cai mimiti katémbong motah, pék alungkeun ieu tékték,” bari song ngasongkeun seureuh meunang mintel-mintel, geus jadi seupaheun.
Ku Ajo ditampanan, laju éta seupaheun téh dikeupeul, bisi ragrag.
“Pék tah, diuk waé di dieu. Aki mah rék nungguan di tonggoh. Keun, engké ditéang deui,” omong Aki Jaya bari unggah kana séngkéd, terus ngaléngkah mapay jalan satapak semu nanjak—lantérana guwang-gawing.
“Moal nanaon kitu, Ki?” teu burung Ajo nanya, lantaran kajurung ku kasieun téa.
“Moal, Ujang. Bet piraku karuhun maké nyilakakeun ka incu-buyutna,” témbal Aki Jaya, bari rada mencrong kana beungeut Ajo. “Jeung deuih, apan Ujang geus gilig.”
Ajo teu ngomong, da rumasaeun, apan tadi saméméh indit geus pok ka Aki Jaya yén manéhna geus buleud patékadan, geus teu ngarancabang pipikiran. Piraku éta kagilig maké kudu dibolaykeun, atuh meureun omongan aing téh teu bisa dicekel, cék dina haténa. Apan deuih aing téh hayang boga kabisa. Hanas panebusna beurat kacida, nya ari enggeus rék kumaha deui atuh.
“Muhun atuh, Ki,” pokna.
“Heueuh atuh. Pék, nya,” walon Aki Jaya; neruskeun léngkahna ka béh tonggoh.
Ajo sila nyanghareupan leuwi. Kasieun jeung kakeueung satékah polah disieuhkeun, najan dina émprona mah datang deui, datang deui. Manéhna ngalieuk ka tonggoh. Lantéra anu dijingjing ku Aki Jaya geus teu katémbong kalicesna. Tapi pastina gé Si Aki téh moal jauh, cék dina pamikirna.
Beungeut cai anu sakitu geueumanana, ku manéhna dipencrong, itung-itung ngadu sima. Kitu sotéh saenyana mah maksa-maksakeun manéh—ari enggeus, rék kumaha deui? Dina enyana gé kudu ingkah, heueuh, ingkah téh ingkah ka mana, apan manéhna mah teu nyaho jalan, bari téténjoan ogé poék. Rada caang téh ukur palebah beungeut walungan.
Ciak, ciak, ciak ....
Datang kitu kunti téh? Méh baé manéhna cengkat, mun teu gancang inget kana udagan hayang boga kabisa mah. Piraku ngerekeb sugan, da tacan kungsi aya béjana anu paéh dihakan jurig.
Hanjakal tadi ka Si Aki teu ditanyakeun, ari anu sorana ciciakan téh naon?
Ciak, ciak ....
Nyingkah siah!
Garapak aya anu hiber tina dapuran haur. Bis baé Ajo ngagorowok, bakating ku reuwas. Anu ngagarapak téh bangunna mah terus eunteup deui—teuing kana tangkal naon. Laju kadéngé sora: kueuk, kueuk.
Ah, manuk meureun, cék dina haténa. Tapi, manuk naon nya anu sorana kitu? Piraku ari heulang mah da, apan hiberna ogé ngalayang, henteu kerep ngiplikkeun jangjang.
Sora kueuk, kueuk patémbalan jeung ciak,ciak anu asa beuki dengér waé kadéngéna. Rasa sieun anu nyangkaruk téh terus dilawan, tapi ari késangna mah kalah beuki cipruk maseuhan awak, bari napasna semu ngahégak.
Heueuh, aing kasebut gedé wawanén téh semet di terminal. Geuning dibawa ka dieu mah kawani téh ngadadak jadi lus-les laleungitan. Gedé hoak jeung popolotot téh ukur di kota, dina pagiling-gisikna jelema, da ari di tempat anu sakieu sunina mah ukur mampuh kokompodan.
Ajo, matak gé tong sok humayua bari asa aing jago!
Sabot kitu, beungeut leuwi katémbong semu muih.
Tah, naon deui yeuh? Karuhun téa, kitu?
Tina muih jadi motah, jadi motah.
Ajo geus rék sajungjungeun cengkat, tapi ngadadak taya tangan pangawasa, béak tanaga kawas nu tas gawé rosa. Antara sadar jeung henteu, leungeunna ujug-ujug ngalungkeun tékték. Teu kadéngé kecemplungna, da kasilep ku sora cai kukucibekan.
Beuki motah, beuki motah. Sora cai beuki kukucibekan-kokocoplakan-kukucubukan.
Ajo ukur bisa ngaléhléh bari kabur pangacian. Tong waka cengkat, dalah sungut rék engab gé ngadadak euweuh tanaga.
Lol aya anu mucunghul; mimiti karék témbong huluna ….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Sumangga, bilih aya nu badé komén: