Tarjamahkeun Ka Basa Séjénna

Senin, 21 Mei 2012

Wawan Darmawan


Wawan Darmawan


Aya budak keur diajar ngaji, ku guruna (pa Dedih) diajar du'a dahar. Mai ngolotok macana teh. Allahuma bariklana ..... Dina hiji waktu manehna teh balik ngaji ngaliwatan tempat suni. Keur jongjong leumpang torojol jurig. Cek jurig dina jero hatena, "Halah siah beunang ayeuna mah, eta budak rek diheureuyan ku aing."
Jurig ngajanggelek minda rupa ngawujud pikasieuneun. Budak teh reuwas lain dikieuna. Dasar budak calakan terus we maca du'a. Kusabab nu apal teh dua dahar tea, nya langsung we dibaca sababaraha kali. Alllahuma bariklana fima rajaklana... jst. Si Jurig reuwas lain dikieuna sabab manehna ge nyaho yen eta teh du'a keur dahar. Cek pikirna walah ieu budak wanian, disingsieunan teh kalah rek ngadahar. Antukna manehna lumpat sieunan budak. (Asa teu sieun nya? Hihihi

Ridwan Anugrah Permana


Ridwan Anugrah Permana

Ku tembang léngsér weungi anu waas di malam jum'at, sok jadi muriding jiga ngadangukeun suanten anu sanés ti diri urang sorangan komo deui aya anu narina tambah wéh hoyong cengkat urang téh ti tempat calik anu aya di payuneuna téh.

Aki Pamanah Rasa


Aki Pamanah Rasa:


Juriiiiig...juriiiiig cek si Ibro hariweusweus bari nangkeup awak H Subhan leungeunna tipepereket kana beuheung Ki Haji. "Juirg jurig nanahaon siah kampret, mo aenya beurang beurang kieu aya jurig, jeung alah teuing tong nangkeup kieu ragab deuleu homo apah maneh teh teu ngari aki aki acan !" Cek H Subhan bari pakeupis. "Tadi waktu uwing di kamar mandi nempo kalangkang pikasieuneun pa haji...hiiiiiyyy !" Cek si Ibro ngabirigidig. " Atah adol bangka warah siah, etateh kalangkang maneh apan ngahaja ku kami disimpenan eunteung di kamar mandi teh!"
Ibro : " ???????"

Selasa, 15 Mei 2012

Tatang Sumarsono



Punten ngaheurinan. Ieu mah itung-itungbabandingan waé. Mun dianggap lepat, ieu postingan mangga waé di-remove kuadmin:....
Lantéra anu dijingjing ku Aki Jaya katémbong semu guwang-gawing. Sacaangna gé seuneu dina lantéra, henteu ngimbangan mongkléngna peuting, lantaran di langit palias teu témbong bulan—Ajo teu apaleun kana pananggalan Hijriyah anu patali jeung caang-poékna bulan.
Dédéngéan deuih anu mimiti ngahudang kasebér téh. Sora nu kuak-kueuk asa jéntré pisan kapirengna. Tah, tina tangkal luhureun gawir sumber sorana téh. Rada jauh ti dinya aya anu kokoréakan, patémbalan jeung sora: ciak, ciak, ciak ....
Kunti kitu éta téh? Tah geuning kadéngéna ciciakan kawas anak hayam, cék dina haténa, bari bulu pundukna mah geus miheulaan carengkat. Kumaha mun heueuh kunti? Enya, apan ayeuna téh malem Jumaah. Cék béja, nya dina malem Jumaah pisan, jurig resepeun liarna téh. Kaciptana téh hég ucang-ucang dina dahan anu nyolodor; buukna ngarumbay nutupan tonggong anu, cenah, bolong-gerewong. Remen ngadéngé ari perkara kunti mah, tina dongéng dina radio. Cacak ukur dongéngna tina radio, sakitu geus matak keueung, komo deui mun langsung nénjo jirimna di tempat anu sakieu hara-haraeunana; moal bisa ngaberengbeng lumpat da puguh henteu katénjo tincakeun.
Mimiti Ajo ngarasa miris jeung hemar-hemir, ngan waé manéhna maksakeun neger-neger diri sorangan. Apan kunti mah cék dongéng ogé resepeunana téh ulin di cai, cék dina haténa deui, itung-itung ngupahan manéh ngarah jadi teger. Jeung piraku aya kunti, apan meureun ku Aki Jaya gé geus disinglar-diparancahan: jurig nyiluwuri katut sétan mindarupa mangka nyingkah masing jauh.
Bras waé ka sisi walungan. Ari geus di sisi cai mah meueusan rada caang. Tuh geuning di tengah walungan téh aya anu tingjungkiring, pantesna téh batu. Cai kadéngé ngérécék ti lebah anu déétna mah—Ajo teu apaleun yén walungan palebah anu déétna téh disebutna babantar. Ciciptan ayana kunti ngolébat deui, da pantesna ngoyokna téh di walungan; cenah mun kagareuwahkeun sok terus ngageleber—nyao jadi entog, nyao manuk gedé nanahaon, saluhureun heulang ruyuk anu manéhna kungsi ngukut.
Ieu kitu Ciguludug téh, cék Ajo dina haténa. Jeung naha bet dingaranan kitu?
Ari sugan téh geus tepi ka nu dijugjug, singhoréng kudu rada ka hilir kénéh, mapay-mapay sisi walungan. Gok waé ka lebah leuwi anu ngajumbleng; bangunna téh jero, da caina teu katémbong palid. Siak karasa geueuman. Di sisi peuntas ditu, dina lebah biwir gawirna anu canéom, aya tangkal anu dahanna ngaroyom kana luhureun beungeut cai. Teuing caringin, teuing kiara; Ajo teu bisaeun ngabédakeun, da puguh ukur katangen belegbegna.
Pantesna ieu leuwi téh jadi panonoban buhaya. Enya, apan cék dongéng gé buhaya mah betaheunana dina leuwi. Tambah deui anu pikasieuneun téh, bari anu ti heula gé tacan ilang-ilang tina ciciptan.
Najan hawa peuting geus mimiti karasa turun, tapi baju anu dipaké ku Ajo mah cipruk ku késang. Yakin lain perbawa nyongkabna hawa, tapi lantaran keur kalimpudan ku rupa-rupa kasieun ku anu teu puguh juntrungna, anu saenyana mah ukur diréka-réka ku dirina sorangan.
Leumpang téh mapay-mapay birit leuwi anu rada gurawés, saméméh anjog ka lebah padataran rada lega. Disebut padataran sotéh duméh henteu nangtawing, najan ari ka sisi luarna mah bala ku eurih.
Aki Jaya ngarandeg.
“Tungguan waé di dieu, Jang,” pokna, bari ngalieuk ka Ajo anu ngajanteng tukangeunana. “Wayahna kudu nyorangan, da teu kaci dibaturan.”
Nénjo beungeut leuwi anu sakitu geueumanana, saenyana Ajo hayang balaka nyebut teu sanggup; komo mun bari taya anu ngabaturan. Ngan untungna téh rada kaupahan; Aki Jaya neruskeun omonganana:
“Moal nanaon, da. Anu ka Ujang engké bakal némbongan téh karuhun, lain sasaha. Tungguan waé, sugan peuting ieu diparengkeun nepungan Ujang.”
Karuhun? Naha naon wujudna? Tapi, pan aing téh manusa, Aki Jaya manusa deuih. Atuh meureun karuhunna ogé kudu manusa deui. Tapi, naha bakal kumaha rurupaanana, naha pikayungyuneun, atawa malah pikasieuneun, Ajo teu meunang katrangan. Perkara éta ogé banget hayang ditanyakeun, tapi hésé rék pokna.
Aki Jaya gegerenceman hareupeun beungeut walungan, teuing naon anu keur diparancahkeunana mah, da teu jéntré. Geus kitu terus nyarita deui ka Ajo:
“Jigana mah karuhun bakal kersaeun. Alus milik, Jang,” ngarénghap heula. “Tah engké, di mana cai mimiti katémbong motah, pék alungkeun ieu tékték,” bari song ngasongkeun seureuh meunang mintel-mintel, geus jadi seupaheun.
Ku Ajo ditampanan, laju éta seupaheun téh dikeupeul, bisi ragrag.
“Pék tah, diuk waé di dieu. Aki mah rék nungguan di tonggoh. Keun, engké ditéang deui,” omong Aki Jaya bari unggah kana séngkéd, terus ngaléngkah mapay jalan satapak semu nanjak—lantérana guwang-gawing.
“Moal nanaon kitu, Ki?” teu burung Ajo nanya, lantaran kajurung ku kasieun téa.
“Moal, Ujang. Bet piraku karuhun maké nyilakakeun ka incu-buyutna,” témbal Aki Jaya, bari rada mencrong kana beungeut Ajo. “Jeung deuih, apan Ujang geus gilig.”
Ajo teu ngomong, da rumasaeun, apan tadi saméméh indit geus pok ka Aki Jaya yén manéhna geus buleud patékadan, geus teu ngarancabang pipikiran. Piraku éta kagilig maké kudu dibolaykeun, atuh meureun omongan aing téh teu bisa dicekel, cék dina haténa. Apan deuih aing téh hayang boga kabisa. Hanas panebusna beurat kacida, nya ari enggeus rék kumaha deui atuh.
“Muhun atuh, Ki,” pokna.
“Heueuh atuh. Pék, nya,” walon Aki Jaya; neruskeun léngkahna ka béh tonggoh.
Ajo sila nyanghareupan leuwi. Kasieun jeung kakeueung satékah polah disieuhkeun, najan dina émprona mah datang deui, datang deui. Manéhna ngalieuk ka tonggoh. Lantéra anu dijingjing ku Aki Jaya geus teu katémbong kalicesna. Tapi pastina gé Si Aki téh moal jauh, cék dina pamikirna.
Beungeut cai anu sakitu geueumanana, ku manéhna dipencrong, itung-itung ngadu sima. Kitu sotéh saenyana mah maksa-maksakeun manéh—ari enggeus, rék kumaha deui? Dina enyana gé kudu ingkah, heueuh, ingkah téh ingkah ka mana, apan manéhna mah teu nyaho jalan, bari téténjoan ogé poék. Rada caang téh ukur palebah beungeut walungan.
Ciak, ciak, ciak ....
Datang kitu kunti téh? Méh baé manéhna cengkat, mun teu gancang inget kana udagan hayang boga kabisa mah. Piraku ngerekeb sugan, da tacan kungsi aya béjana anu paéh dihakan jurig.
Hanjakal tadi ka Si Aki teu ditanyakeun, ari anu sorana ciciakan téh naon?
Ciak, ciak ....
Nyingkah siah!
Garapak aya anu hiber tina dapuran haur. Bis baé Ajo ngagorowok, bakating ku reuwas. Anu ngagarapak téh bangunna mah terus eunteup deui—teuing kana tangkal naon. Laju kadéngé sora: kueuk, kueuk.
Ah, manuk meureun, cék dina haténa. Tapi, manuk naon nya anu sorana kitu? Piraku ari heulang mah da, apan hiberna ogé ngalayang, henteu kerep ngiplikkeun jangjang.
Sora kueuk, kueuk patémbalan jeung ciak,ciak anu asa beuki dengér waé kadéngéna. Rasa sieun anu nyangkaruk téh terus dilawan, tapi ari késangna mah kalah beuki cipruk maseuhan awak, bari napasna semu ngahégak.
Heueuh, aing kasebut gedé wawanén téh semet di terminal. Geuning dibawa ka dieu mah kawani téh ngadadak jadi lus-les laleungitan. Gedé hoak jeung popolotot téh ukur di kota, dina pagiling-gisikna jelema, da ari di tempat anu sakieu sunina mah ukur mampuh kokompodan.
Ajo, matak gé tong sok humayua bari asa aing jago!
Sabot kitu, beungeut leuwi katémbong semu muih.
Tah, naon deui yeuh? Karuhun téa, kitu?
Tina muih jadi motah, jadi motah.
Ajo geus rék sajungjungeun cengkat, tapi ngadadak taya tangan pangawasa, béak tanaga kawas nu tas gawé rosa. Antara sadar jeung henteu, leungeunna ujug-ujug ngalungkeun tékték. Teu kadéngé kecemplungna, da kasilep ku sora cai kukucibekan.
Beuki motah, beuki motah. Sora cai beuki kukucibekan-kokocoplakan-kukucubukan.
Ajo ukur bisa ngaléhléh bari kabur pangacian. Tong waka cengkat, dalah sungut rék engab gé ngadadak euweuh tanaga.
Lol aya anu mucunghul; mimiti karék témbong huluna ….

USEP ROMLI


Kantos Dimuat dina Majalah “Mangle” bl.April 2012




“Hal Turid ?”
Karasa ku Sudinta, nyorang kahirupan teh beuki dieu beurat. Dagang olok modal, ka dituna nyanyandang hutang. Leuheung lamun nu nagih leuleuy jeung pengertian. Aya tinimbangan. Ieu ari geus teureugeus. Teu nyaho euweuh, keukeuh peupeuleukeuk. Komo eta ari geus mamawa “debt collector”.Tukang nagih nu barangasan. Baketut haseum. Sakalina nyarita, hohoak sesentak.
Ongkoh dagang the rea saengan. Jeung papada tukang dagang. Jeung toko supermarket. Jeung patugas Satpol PP. Ah, kitu lain kieu lain.
Ari tani, estuning kari daki. Jaba lahan geus beak apan diganti ku pabrik, kantor, perumahan, restoran. Euweuh keur tempat tatanen. Euweuh keur nengah mertelu kawas bareto.
Dina ayana ge, bisa keneh pepelakan, geus barobah sagalana. Binih kudu meuli. Gemuk kudu meuli. Tempo panen, harga ngagejret. Bororaah bati. Jinis ge kabawa ledis.
Ngabeca ka kota, geus lain wayah. Beak tanaga.Bari jeung muatan beuki dieu beuki suwung. Manasina jaman beh ditu. Keur tacan aya angkot. Tacan rea motor. Tacan aya watesan kawasan bebas beca.
Hual-hiul tambuh laku. Nganggur tea, geus aya kana taunna. Teu boga pangala enya-enya. Ukur tamba wungkul. Bubuhan percaya ka nu ngarijkian. Ka Gusti Alloh Nu Maha Maparin. Apan tong boro jelema, uteuk tongo walang taga geus aya ancoanana. Nepi ka bisa hirup.
Tapi angger we marudah. Ras ka anak. Ngabadagan. Harayang sakola. Harayang kuliah. Uh, ti mana waragadna ? Harayang digawe. Ih geuning angger kudu aya duit. Ti mimiti keur motokopi angkas-ongkos, nepi ka sagak-sogok. Da cenah geuning, asup gawe ge ayeuna mah kudu kikituan. Naha rek jadi PNS, rek jadi pagawe pabrik, angger kudu ngamplopan juta-juta.
Kungsi boga pikiran, rek nempuh jalan teu puguh. Bangsaning munjung, nyegik, ngipri, ngepet, ngingu tuyul, jeung sabangsana. Aya nu ngabejaan asal daek nyumponan sarat-saratna, ke dituduhkeun tempatna jeung ka saha ngumahana.
“Naon sarat-saratna?”Sudinta semu panasaran.
“Gumantung naon nu dipuhit. Lamun nyegik, muhit bagong. Unggal peuting kudu jadi bagong. Asruk-asrukan neangan cacing sarea-reana. Tah cacing beubeunangan, eta nu bakal jadi duit. Munjung ka bangsaning buta hejo. Ngipri, muja ka oray, ngepet ka monyet, ngingu kecit kudu ngalayanan kecit. Kabeh ge aya ongkos jeung risikona. Beurat kacida. Tapi hawa napsu nu ngunung-ngunung nganggap enteng we sagala nu kudu ditempuh teh. Sarat-sarat sejenna, memeh prak kudu nganyatakeun heula murtad tina ageman urang. Teu percaya deui ka Alloh SWT sembaheun saestuna, sabab rek sumembah ka nu sejen. Ka mahluk nu dipuhit tea. Sakalian ingkar tina ngaku karosulan Kangjeng Nabi Muhammad Saw, sabab rek ninggalkeun Sunnahna. Ancrub kana dunya syaitoniyah.”
“Astagfirullohal adzim, “Sudinta istigfar. Terus morobot maca tahlil jeung solawat. “Kumaha mun keur kitu urang paeh?”
“Nya paeh kapir we, paeh murtad. Maturan nu disembah ku urang langgeng dina seuneu naraka,”jawab baturna.
“A’udzubillahi minasy sayitonnirrojim…”Sudinta ta’udz bari bibirigidigan. “Kajeun hirup sangsara balangsak, batan kikituan mah. Kuat keneh teu dahar saminggu, batan kudu kokojayan dina godogan timah naraka !”
“Barina ge,”babaturanana nyengir. “Najan aya keneh nu maksakeun, beuki dieu beuki hese nedunan saratna. Kawas nu nyegik jadi bagong, neangan cacing. Keur mah geus raang ku lampu listrik, tempat cacingna ge geus langka. Manasina bareto di pilemburan poek meredong. Rea keneh saung lisung, sawah lendo, katut rurungkunan, tempat nyayang cacing. Ayeuna mah mana? Da percumah atuh ukur meunang cacing sapuluh dua pulu siki. Mun hiji cacing sahargaeun sarebu, meureun ukur sapuluh atawa dua puluh rebu. Jauh pisan ka kurup. Mending keneh nyaloan we di pangetemen angkot….”
Ngan basa aya nu ngabejaan, yen aya elmu nu bisa dialap pikeun manggih kabeungharan, Sudinta ngadadak kataji. Terus nyeleksek. Teu burung kapanggih. Nu sok ngawiridkeun elmu kitu teh hiji ajengan di kota A.
Sawatara poe ti harita, ngahaja indit ka dinya, sakumaha panuduhan nu ngabejaan. Naek beus nepi ka terminal. Disambung ku angkot. Eureun di parapatan jalan leutik. Clak kana ojeg. Teu hese kapanggih da tukang ojeg geus arapaleun barang disebutkeun ngaran ajengan. Kawasna, geus ngalanggan kadatangan ku urang suklak-sikluk.
Geus dimanggakeun, ditanya saha jeung ti mana, saur ajengan :
“Mangga atuh wudlu heula. Di ditu we di kamar pengker.”
Dodongkoan Sudinta asup ka kamar tempat wudlu nu ngahiji jeung mushola. Mani asa tartib, husu jeung lila wuduna the.Bubuhan rek diwirid elmu meureun.
Geus kitu mah, prak ajengan medar naon nu kudu dipigawe ku Sudinta.
“Tah ieu aos, unggal tengah wengi. Saratus dua puluh rebu kali. Sabaraha kali we kiatna sawengi. Mun sarebu, panginten saratus dua puluh wengieun, atawa opat bulan. Salami ngawirid kudu puasa Senen-Kemis ulah kaliwat. Kedah puasa tilu dinten deuih, keur mangsa caang bulan tanggal 13-14-15. Nu disebat puasa “bith” atawa puasa “bodas”. Ku kolot kapungkur mah disebatna “mutih”. Tapi buka mah biasa bae, teu kedah cai herang atawa sangu wungkul. Nu penting, ulah kaliwat tengah wengi…..sakuatna ngawiridkeun ieu kalimah. Mun tos tamat, tur cumpon sarat, dina wengi panungtung bakal datang khodam ieu kalimah. Mangrupa jin ti alam ahjar.Alam hideung. Ngan duka kumaha dina datangna teh. Naha mere barang, atawa mere pituduh. Ka unggal jalma beda-beda. Sok didu’akeun sing tinekanan…..”Mama Ajengan ngusap embun-embunan Sudinta, terus ranggah ngadu’a. Sudinta milu ranggah jeung ngucapkeun “amin, amin,amin” sababaraha kali.
Teu hese sakitu mah, cek pikir Sudinta nu memang geus mindeng nyaring peuting.
Ti peuting eta keneh, deker ngamimitian. Ngahaja, goah leutik paranti nunda padaringan, diberesihan. Diamparan samak anyar. Diamparan sajadah paranti sapopoe salat. Malah ngadadak dipasangan panto triplek, ambeh taya larbus ka goah nu ayeuna geus jadi tempat tirakat.
Unggal peuting menekung. Ti teng pukul 12.00 tengah peuting, nepi adan subuh teh ukur mampuh maca sarebu kali. Kadangkala kurang. Tapi terus dikeureuyeuh, lantaran keying haying ningkat kaayaan. Jeung nu digarap lain perkara nyimpan tina akidah, kawas munjung. Ieu mah maca wirid keur ngondang khodam Jin ti alam hideung.
Panceg opat bulan. Wiridan jejeg dibaca saratus dua puluh lima rebu kali.Puasa ge lulus bangles, boh Senen Kemis, boh puasa purnama. Peuting ieu Sudinta nganti-nganti nu rek dating mawa bagja.
Alarm beker jam 12.00 geus disada. Sudinta geus menekung di goah. Suasana jempling sepi. Angin taya nebak. Sasatoan bangsaning gang, jangkrik, cihcir, caricangkas, taya nu disada. Dalah embe nu sok beberelean lapar ge teu kecet-kecet.
Teu lila, riyeg imah panggung Sudinta nu geus meujeuhna direhab, inggeung. Riyeg, riyeg, riyeg. Paralak, pre, kenteng pareupeus. Teuing sabaraha hiji. Ujug-ujug, bleg hareupeun Sudinta aya nu jiga dreum. Hideung lestreng. Buluna jabrig saudug-udug. Disidik-sidik the, horeng bitis. Teuing lebah mana pingpingna jeung dampal sukuna.
Sorana ngageleger handaruan, kawas guludug. Jentre kadenge ku Sudinta :
“Hal turid?” cek eta mahluk ku basa Arab.
Puguh bae Sudinta melengek. Ti mana manehna bisa basa Arab. Komo nyarita. Maca ge ngatog. Ma’lum teu kungsi tamat Quran, da keur budak ngedul ngaji. Kabawakeun ku resep ulin teu puguh.
“Hal turid?”sakali deui sora handaruan nanya.
Meureun lantaran teu dijawab wae, mahluk nu bitisna sagede dreum rabig buluan teh indit teu ngusap birit. Ukur ninggalkeun inggeung jeung kenteng pru-pre deui.
Nepi ka ray beurang Suhadma teu cengkat ti goah. Reuwas jeung arep-arepeun. Naon nu dibikeun ku eta mahluk minangka buruh maca wirid saratus dua puluh lima rebu salila opat bulan jeung hental-hentel puasa? Euweuh nanaon. Dikotektak dikorehan sagala dikebingkeun, teu, teu aya nanaon. Iwal ti bubuk kenteng balatak di pipir.
Kabawa heran jeung panasaran, uclak-eclok ongkos, kencling ka tempat ajengan. Barang gok, barabat dicaritakeun sagala nu kaalaman tadi peuting.
“Astagfirulloh,”ajengan ngusap beungeut. “Hampura Mama teu ngabejaan, yen eta jin teh geuning nyarita ku basa Arab. Biasana mah ku basa nu sok kahartieun ku nu dianjanganana. Eta jin nyarita “hal turid”, hartina “anjeun hayang naon”. Aduuuh, mun salira tiasa basa Arab mah, enggal dijawab “Uridu fulus katsiron”. Abdi hayang artos seueur, kituh…. Ahh lapur nya.”
“Kumaha atuh abdi, Mama???”Sudinta ngarasa handeueul pisan.
“Nya cobaan deui….ngawiridkeunieu kalimah…sugan sarebu kali ge cukup…”Mama Ajengan ngasongkeun cewiran kertas. Dieusi kalimah nu kudu diwiridkeun deui ku Sudinta. Cukup sarebu kali.
Peutingna gancang dicobaan deui. Enya we, barang jejeg sarebu, barang jleg aya nu dating. Sarua sagede dreum. Sarua buluan jabrig. Sarua nginggeungkeun imah jeung maralakkeun kenteng. Ayeuna mah ngomongna ku basa Indonesia, bari ngasongkeun bungkusan leutik mani antel kana irung Sudinta.
“Ini untuk Anda !”sora eta mahluk handaruan. Imah inggeung deui. Kenteng maralak deui. Les, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Kari bungkusan leutik dikeukeuweuk ku Sudinta nu lila ngahuleng nagaraga meneng. Manehna heran, naha jin bet mere barang bari nyarita “ini untuk Anda…”
Lantaran Sudinta jujur, polos, tara curaling, subuhkeneh, kencling ka mah Anda, nu ukur kahalangan ku sua suhunan. Nu dituju, karek hudang. Lulungu keneh.
“Aya naon, Mang Dinta ?” waw Anda heuay. Simbut dikuyungkungkeun. Kolor ngaleled.
“Ieu aya titipan keur maneh,”Sudinta ngasongkeun bungkusan leutik bari ngabalieur. Era parade nenjo nu nolol olotod tina sesala kolor.
Nepi ka danget ieu, Sudinta masih keneh . Nganggur. Pangala suda. Tapi tara humandeuar. Malah terus giat usaha, boh lahir boh batin keur ningkatkeun kaayaan hirup. Teu hayang nanyakeun ka Anda naon eusi bungkusan ti jin teh. Kitu deui teu hayang nanyakeun ti mana Anda boga duit keur ngalusan imah, tina panggung kana duduk jandela, terus boga roda dorong keur dagang goyobod . Pamajikanana oge boga roda dorong keur dagang gurang-goreng bangsaning gehu, bala-bala, cireng, comro, jeung sabangsana nu kajojo ku salelembur.***


Rifan Sahrony

Rifan Sahrony

CJDBS #Kareta Kancana#

Cungungung,..!hawar-hawar sora anjing babaung, seah angin muray keun jemplingna peuting, gorobas!, pipireun imah aya sora nu ngageureuwahkeun, ting sariak ting puringkak, bulu punduk cararengkat. Sora gagak ngelak dina suhunan, ngawirahma jeung bebence, mawa roman hese sare. Cungungung!, sora anjing kadenge deui beuki ngadeukeutan. Ngawani-wani maneh, Jung cengkat! najan tuur lilinieun, karayap, ngeteyep ngadeukeutan jandela, rekeet! muka jandela, hiuk! angin peuting asup, nyelecep tiis.
Keaak! Keaak! Koreak siga nu nyenggakan.
Seooor! angin ngagelebug, bray jandela muka, katebak angin. Teu kungsi lila kodoprak, kodoprak! Sora talapok kuda,kadenge ti jauhna, beuki lila beuki deukeut.
Panon mencrong, mata simeuteun. Hookeun. Kakara saumur dumelah ninggali kareta kancana ngaliwat tengah peuting, di tunggangan putri geulis dangdanan hurung herang, make mahkota. Tuur beuki nyoorodcod, dibarung biwir noroktok, teu karasa, aya hujan gugundukan ti lalangit palangkakan. 

Apoedy Sarah Ihsan


CJDBS #Keur LHR...#

Ieu carita basa kuring keur Survey LHR (Lalulintas Harian Rata-Rata), Jog ka hiji tempat perbatasan Tasik - Ciamis. Mimiti, ukur diuk cinutrun dina galengan solokan sisi jalan. Ujug-ujug ti peuntaseun aya nu ngahiap. Awéwé tengah tuwuh. "Jang, ngantosana tong didinya panas, didieu wéh atuh." Kuring nyampeurkeun. "Kaleresan tah bumi gigireun kosong, sok wéh antosana didinya" sorana daréhdéh.

Wanci sareupna, tadina kuring cicing ukur di golodog imah kosong. Harita, kuring survéy opatan. "Dun, uing sholat magrib heula, piligenti nya!" sup ka imah kosong. Mimiti hawa nu teu nyari nerap ka diri kuring. Ningali korsi ngajugrug di jero kamar, pas ditengah-tengah lampu anu mélétét. Ujug-ujug, nu ka impleng aya jirim nu ngagantung manéh didinya. “hiiiyyy…” bulu punduk cengkat. Nalika ngaliwatan rohangan deuk ka kamar mandi. Gebeg! Kalénder foto awéwé maké kabaya, matak reuwas. tina juru panona jiga kaluar cai panon. dideukeutan. Jadol téh! cét anu ngeclak, pas dina juru panon.

Anggeus wudhu, kuring neangan rohangan keur solat, sangeuk di kamar nu aya korsian mah. Laju ningali kamar anu pantona dihordengan ku samping kebat. Nalika muka hordeng, hiuk! aya angin ti jero, jeung poek deuih. Ah, geus weh didieu di rohangan tamu, hareupeun panto nu di samping kebatan, jeung teu kabeneran deuih, kiblatna nyanghareup ka kamar anu aya korsi ditengah lampu.

Allohu Akbar! mimiti takbir, angin ti jero kamar lalaunan ngahiuk! maca Al-fatihah.. samping kebat, mangkin rosa katiup angina ti jero kamar. “Ah, moal baleg!” gerentes haté. Sholat dibatalkeun, muru golodog. “Enggeus solatna?” Tanya si Iman. “Ah, didieu waé solatna, panas dijero mah!” alesan kuring.

Nyérélék waktu teu karasa, eweuh nu wani saré di jero imah, kuring gé saré digolodog. piligenti. Ngan, tiap dek reup! beungeut sok asa aya nu nungkup, ku lawon hideung. ngagelebeg. “Teu bisa saré?” tanya si Dadang. Kuring teu ngajawab trus nguniang hudang. “Jam sbraha ayeuna, Dang?” “Satu!” Ujug-ujug aya beus Budiman, nyolongkrong nyisi pisan. “Awas, Man!” kuring nyorowok, si Iman nu keur nagog sisi kasarempet. “Qiqiqiqiqiqi…..” aya nu nyikikik ti jero imah.

Isuk-isuk, awéwé rancunit, kaluar ti imah awéwé tengah tuwuh, nu kamari nitah ngisian imah kosong. “Tadi wengi teu aya nanaon kang?” manehna nanya. “Naha kunaon kitu nya?” kuring panasaran. “Cobi tingal tah kapengkereun bumi” bari sup kana angkot.

Meakeun kapanasaran, kuring muru tukangeun imah. Astagfirullohaladzim.

Wanci sareupna, tadina kuring cicing ukur di golodog imah kosong. Harita, kuring survéy opatan. "Dun, uing sholat magrib heula, piligenti nya!" sup ka imah kosong. Mimiti hawa nu teu nyari nerap ka diri kuring. Ningali korsi ngajugrug di jero kamar, pas ditengah-tengah lampu anu mélétét. Ujug-ujug, nu ka impleng aya jirim nu ngagantung manéh didinya. “hiiiyyy…” bulu punduk cengkat. Nalika ngaliwatan rohangan deuk ka kamar mandi. Gebeg! Kalénder foto awéwé maké kabaya, matak reuwas. tina juru panona jiga kaluar cai panon. dideukeutan. Jadol téh! cét anu ngeclak, pas dina juru panon. 
Anggeus wudhu, kuring neangan rohangan keur solat, sangeuk di kamar nu aya korsian mah. Laju ningali kamar anu pantona dihordengan ku samping kebat. Nalika muka hordeng, hiuk! aya angin ti jero, jeung poek deuih. Ah, geus weh didieu di rohangan tamu, hareupeun panto nu di samping kebatan, jeung teu kabeneran deuih, kiblatna nyanghareup ka kamar anu aya korsi ditengah lampu.
Allohu Akbar! mimiti takbir, angin ti jero kamar lalaunan ngahiuk! maca Al-fatihah.. samping kebat, mangkin rosa katiup angina ti jero kamar. “Ah, moal baleg!” gerentes haté. Sholat dibatalkeun, muru golodog. “Enggeus solatna?” Tanya si Iman. “Ah, didieu waé solatna, panas dijero mah!” alesan kuring. 
Nyérélék waktu teu karasa, eweuh nu wani saré di jero imah, kuring gé saré digolodog. piligenti. Ngan, tiap dek reup! beungeut sok asa aya nu nungkup, ku lawon hideung. ngagelebeg. “Teu bisa saré?” tanya si Dadang. Kuring teu ngajawab trus nguniang hudang. “Jam sbraha ayeuna, Dang?” “Satu!” Ujug-ujug aya beus Budiman, nyolongkrong nyisi pisan. “Awas, Man!” kuring nyorowok, si Iman nu keur nagog sisi kasarempet. “Qiqiqiqiqiqi…..” aya nu nyikikik ti jero imah. 
Isuk-isuk, awéwé rancunit, kaluar ti imah awéwé tengah tuwuh, nu kamari nitah ngisian imah kosong. “Tadi wengi teu aya nanaon kang?” manehna nanya. “Naha kunaon kitu nya?” kuring panasaran. “Cobi tingal tah kapengkereun bumi” bari sup kana angkot. 
Meakeun kapanasaran, kuring muru tukangeun imah. Astagfirullohaladzim.